Sabtu, 11 Oktober 2008

Parancah AMS




PARANCAH AMS
Pun !!
Titisan Siliwangi
Ngalemah di lemah cai
Rundayan Pajajaran
Maku paku sarakan

Sik usik si mataholang
Nya hirup di lingkungan sewu lembur
Sakiwari
Sih asih si rasahiang
Nya hurip di lenting ati mandiri
Sakamari

Urang pamanggul nu jenuk
Haung maung unggul manggung
Di Cengkal sa Nusantara

Nawaetu husu solat
Allahuma ya Robbana
Nundung satru hayu silat
Waspada bari sayaga

Teureuh-terah Siliwangi
Wangi ati wangi jati
Manjing di diri awaking
Hung!!

Tidak ada komentar: